(Rancah, Ciamis 11 Mei 1917 – Ciamis, 18 Juli 1988)
Ahmad Bakri teh guru miwah pangarang dina Basa Sunda jeung Indonesia. Sanggeus tamat sakola désa tilu taun nuluykeun ka Shackelschool di Ciamis. Ti dinya mimiti resep maca. Tapi sakolana teu lanjut sabab dititah masantrén di Genteng, Pager Agung Tasikmalaya. Tuluy ka Cidewa, Ciamis. Ukur sababraha bulan. Taun 1937 dikirim ka Bandung geusan kursus montir, tapi deui-deui ngalaman kandeg. Satuluyna gawé di PTT bagian administrasi, tuluy di bagian laboratorium.
Keur jaman Jepang (1943) Ahmad Bakri anu geus boga kulawarga balik deui ka lemburna, sabab teu meunang pangupa anu nyukupkeun keur kulawargana salila di Bandung téa.
Dina mangsa revolusi manéhna ngabantu kaum griliya dina nyumponan pangabutuh keur sapopoé (bekel). Hal ieu nu ngalantarankeun manéhna mindeng dicerek Walanda. Sabot di jero sél, Ahmad Bakri dijangjian rék dibébaskeun asal manéhna daék nyumponan pasaratan, nyaéta saumpama manéhna kaluar ti jero sél kudu daék ngajar alias jadi guru. Ahmad Bakri ogé nyumponan éta syaratna. Ceuk pamikirna jadi guru tangtu anu diwurukanana barudak bangsa urang kénéh, ngandung harti keur kamajuan bangsa lain samata-mata mantuan Walanda.
Sanggeus pangakuan kadaulatan, Rancah jadi salah sahiji tempat anu kawilang geueuman, ku sabab dina mangsa harita DI/TII keur meujeuhna ngagalaksak, nyieun onar. Harita ogé Ahmad Bakri dipénta ku tantara DI/TII pikeun ngumpulkeun dana bantuan keur maranéhna. Hal ieu téh kaambeu ku tantara sok sanajan teu tepika ditewak, Ahmad Bakri leuwih ngarasa aman saumpama ninggalkeun lemburna, pindah ka Bandung pikeun jadi guru SR di Cicadas. Taun 1952 miluan ujian persamaan SGB katut KGA, tamat taun 1957. Ti dinya Ahmad Bakri asup kursus B-I Basa Sunda. Sarta dina waktu harita geus mitembeyan medalkeun carpon-carponna dina Majalah Warga. Ku Dosenna R.I. Adiwijaya, Ahmad Bakri diajak aktif di LBSS jeung jadi wakil ketua Bagian Basa kapangurusan hasil kongres 1958. Satamat kursus B-I (1960) manéhna ditempatkeun jadi guru SPG di Ciamis tepika pénsiun (1973). Sanggeus pensiun tuluy diangkat jadi Kepala SPG Muhammadiyah Ciamis. Tapi kaditunakeun Ahmad Bakri ménta turun jabatan jadi wakil ketua, ku sabab hayang boga waktu keur nulis.
Ti taun 1963, Ahmad Bakri loba pisan nulis carpon jeung carbung pikeun majalah Manglé, Hanjuang. Ahmad Bakri téh kaasup pangarang Sunda anu produktif. Karangan-karanganana loba dipikaresep lantaran basana lincah sarta dialog-dialogna karasa leuwih hirup. Utamana dina ngagambarkeun kahirupan désa saméméh perang. Salaku guru, tangtu dina karanganana Ahmad Bakri loba pisan méré amanah kanu macana. Ku kapinteranana éta papagah atawa amanah téa sifatna inflisit, henteu togmol. Tepika anu macana teu ngarasa dipapatahan. Bisa waé hal ieu alatan Ahmad Bakri pinter dina nyelapkeun unsur-unsur humor anu matak seger. Bisa kabandungan dina “Serial Obrolan Wa Haji Dulham” anu lobana kurang leuwih genep puluh kali medal dina majalah Manglé.
Dina Sayembara IKAPI (Ikatan Penerbit Indonesia) cabang Jawa Barat taun 1868, Ahmad Bakri anu aub kana éta sayémbara dina ampir unggal jinis bacaan, dilélér sababaraha hadiah, boh dina Basa Sunda atawa Basa Indonesia. Karya-karyana anu dilélér hadiah téh di antarana: Payung Butut pikeun bacaan umum (Jatiwangi 1969), Rajapati di Pananjung bacaan Sunda Déwasa (Bandung 1978), Kabandang ku Kuda Lumping bacaan barudak (Bandung 1969), Nu Sengit Dipulang Asih (Bandung 1969), jrrd.
Dina Sayémbara IKAPI-UNESCO taun 1969 Naskah Romanna dina basa Indonesia disebut-sebut naskah anu pang diperhatikeunana ku juri.
Carita-carita nyambungna aya sababaraha anu geus dijadikeun buku, di antarana: Mayit dina Dahan Jéngkol (Bandung 1987), Jurutulis Malingping (Bandung 1980), Lebé Kabayan (Bandung 1982) jeung Asmaramurka (1988). Lian ti éta loba kénéh carita nyambung Ahmad Bakri anu can dibukukeun saperti Kacaangan ku Panékér, Surat ti Si Jenat, Kongkorong nu Leungit, anu éta kabehanana dimuat dina Manglé jeung Galindeng Sora Si Jenat, Hanjuang. Sedengkeun carita-carita pondokna anu umumna ngabogaan niléy leuwih hadé batan carita-carita anu leuwih panjang (anu remen kawénéhan aya kasalahan dina masalaha téknis) anu jumlahna leuwih ti lima puluh judul masih kénéh bacacar dina majalah. Di antarana nyaéta Bedug ti Nagri Anjuk, Seuweu Pajajaran Siwi Gunung Jati, (Diterjemahkeun kana basa Indonesia dimuat dina Dua Orang Dukun), Ngalongok Munding, Di Dieu Haté téh Reureuh, Dédété. Dina carita pondokna Ahmad Bakri mindeng ngagunakeun ngaran samaran Buya.
Buku anu lainna nyaéta Sanghyang Lutung Kasarung (Jakarta 1975), jeung Saudagar Batik (Jakarta 1980). Kabéh buku dina basa Indonésaiana mangrupa buku bacaan anak. Dina carita-carita anu panjang, Ahmad Bakri leuwih loba nulis carita misteri anu ngalibetkeun pembunuhan (Rajapati di Pananjung, Kacaangan ku Panékér, Asmaramurka, Mayit dina Dahan Jéngkol, jrrd). Hal ieu mangaruhan pisan kana kabengharan pustaka Basa Sunda ku carita misteri. Saméméhna ukur dua carita misteri anu dipiwanoh dina basa Sunda nyaéta Diarah Pati karya Margasulaksana, jeung Laleur Bodas karya Samsu.
Lini
Carpon Ahmad Bakri
Sawatara budak bujang tingrariung sisi jalan, ngawarangkong ngénca-ngatuhu, silih gonjak bari udud pataréma sakenyot séwang.
Riyeg … riyeeeggg … riyeeeggggg ….
Jagat génjlong dibarung ku ngaguruh sora sagala sakur nu kaeundeurkeun. Jéréwét di ditu-jéréwét di dieu, nu tingweuleuhweuh, nu takbir, lain wayah lain mangsa. Jelema riab kalaluar.
Ger cékcok di mana-mana, ngaromong teu puguh leunjeuranana dibarung ku kasima. Cék nu meneran di imah, awak asa lénjong, réa parabot marurag tina lomari, tina bupét naon ku hanteu. Cék nu lulungu asa ngimpi dialungboyongkeun. Cék nu meneran keur leumpang di jalan, rarasaan téh cénah asa rék kateureuy ku jagat. Nyeueung jalan siga ombak-ombakan.
Riyeg deui …. Éar deui …. Awéwé réa nu riwih-rawah, bari ngakeup ongkoh, nuyun ongkoh.
“Gustiiii … boa ayeunaaaaa …. Lebur kiamah téééééh ….!” Cék nini-nini bari eueuriheun.
“Ka dieu, nini, rék ka mana!” cék sora lalaki ti kebon cau.
“Rék … rék néang incuuuuu …!”
“Ulah … ulah ka mamana, bisi kumaonam!”
“Aaaaah … da melaaaang ka budak!” témbalna bari ngabéngbéos, lilinieunana beuki kacida.
Wanci tumorék, sasari mah iwal ti sora jangkrik jeung simeut, harita mah ngadak-ngadak geunjleung. Jelema bahé ka luar, ka jalan. Barudak rungsing lulungu, keur meujeuhna tibra kagareuwah. Nu ngadat dina aisan dicombo ku susu indungna, di dinya di geusan pabaliut.
Pulisi jeung tentara matroli ka sakuliah kota, asa keur usum perang. Para pajabat jeung pamong désa teu cicing, lolongok ka ditu-ka dieu.
Geus rada leler meueusan, silih tanya, kumaha … kumaha … kumaha ….?
Jol nu rancucut, ngahodhod kawas hayam kabulusan.
“Nanaonan silaing téh kawas nu kabancuh?”
“Walah … sial, euy … heuheuheuheuheuh …,” cék nu ditanya, ngaheuheuh awahing ku tiris.
“Ari kitu …?”
“Ngusial beuteung … heuheuheuh …. Lumpat ka balong bari lulungu …. Kakara gé gog na ana atuh ari riyeg téh … galéong waéh pacilingan runtuh …. Nepi ka diturunmandikeun tengah peuting …. Jarijipen heuheuheuh ….”
“Naon tuh eusi patuangan téh …? Ogoan, lungsur mani kudu dianteur ku nu kagungan.”
Semet nyengir bari ngaheuheuh, huntu noroktok.
Ger béja, imah Dokter Gigi runtuh, imah Kuwu di Lembursitu rebah, garasi, warung baso, garduh jeung réa-réa deui.
“Alusna mah toko Si Akoy nu rugrug téh nya euy,” cék saurang.
“Eum, sok aya-aya baé, ngadungakeun cilaka ka batur!”
“Tuman, bongan tara méré nganjuk!”
“Saha nu sudi nganjukkeun ka tukang ngajeblug!”
“Barina gé lebar ku Si Amoyna.”
“Bangsa babah mah tara keuna ku musibat.”
“Naha?”
“Diaping dijaring ku Tapékong béjana.”
“Wah, ngomong téh!”
Héaaaang sora sirine. Jelema caruringhak. Lar mobil ambulans kawétankeun. Ti mana … saha … ku naon …? Silihtanya pada teu nyaho. Jol motor nyusul. Diparegat, ditaranya. Urang Nagrak cénah, sakulawarga …. Imahna ambruk pisan. Kabéh tatu parna …. Dius deuih waéh …. Saréréa tinggarodeg, tingkarecrék ….
Jelema pabuis ka ditu ka dieu, silih longok, nu inget ka sobat, ka baraya …. Barudak ngora tingdaréngdék ngadédéngékeun, bisi aya béja imah kabogoh kumaonam.
Jol mobil disarurung ku limaan.
“Ku naon tatéh …?”
“Rék nganteurkeun nu cilaka ka rumah sakit.”
“Na atuh disusurung kitu?”
“Teu daék hirup …. Kagebah lini meureun!”
“Saha kitu? Ti mana?” cék nu nanya bari nempo ka jero mobil.
“Ti Sindangrasa, katinggang lomari!”
Nu nyarurung mobil nyarelang ngarambekan heula bari nyarusut késang ku leungeun baju.
“Sok lah sarurung deui, agé-agé nepi!” cék nu nyekel setir.
“Ké heula … capé! Manéhna ngeunah nyéngclé …! Euweuh nu dagang bajigur-bajigur acan …. Garing tikoro!”
“Eum, sok aya-aya waé …. Cageur mantén atuh diselang jajan heula mah!”
Nu ngagimbung tingséréngéh ngadéngé supir ngomong kitu téh.
Sakeudeung-sakeudeung héang … sakeudeung-sakeudeung héang sirine mobil ambulans, ngakutan nu carilaka …. Tengah peuting, bari tas manggih kareuwas pohara, kukurayeun ngadéngé kitu téh.
Nu srugsrog jeung baraya jeung sobat, silih rangkul bari maraca Alhamdulillah, urut tadi kamemelangan asa kaubaran, kajeueung salametna.
“Ari lini téh naon tuh asal-muasalna, asa gagah-gagah teuing?”
“Béjana mah aya gunung bitu ari kitu téh.”
“Wah, meureun kadéngé jelegurna!”
“Ari jauh …?”
“Ning oyagna nepi ka dieu?”
“Pan sajagat kaendagkeun!”
“Cék kolot mah … buta cénah nu nanggeuy jagat. Mun cangkeuleun sok nguliat. Nya eundeur ka urangna téh.”
“Lain kétah, lain buta!”
“Naon atuh?”
“Oray naga nu nanggeuy jagat mah …. Kabéjakeun geuning sok aya endog lini …. Pan buta mah tara ngendog!”
“Gandéng lah, ngaraco! Dongéng jaman tai kotok dilebuan ta mah! Paranti nyingsieunan budak.”
Jol érté ngiringkeun nu ngabébéyéng jelema, beungeutna balancunur.
“Ku naon tatéh …? Katinggang naon?”
“Katinggang peureup!” témbal érté.
“Eum, Pa Érté mah …. Nu leres … ku naon?”
“Disariksa …, tuman!”
“Ari kitu …?”
“Batur-batur narulungan nu cilaka, ari ieu kalah ka haripeut ngabadog barangna …. Ngagugubug tip!”
“Rék dikamanakeun ayeuna?”
“Ka Kantor Pulisi!”
“Ning Si Ébon!” cék saurang bari nempo beungeut nu balancunur.
“Meujeuhna si éta mah,” cék nu séjén ngaharéwos ka baturna, “baréto gé bapana keur sakarat, lain nungguan cara batur, kalah ka nanawarkeun balong.”
“Keur pawit ngadu meureun jeung keur meuli inuman pimabokeun! Cekékeun tétélo jelema kitu mah!
“Pan ayeuna gé sakongkol jeung lini …. Asa dijurung laku, dibéré jalan keur ngiruh!”
Lain saeutik korban lini téh. Katut Pa Camat mantuan mangkuan nu carilaka, diunggah-unggahkeun kana ambulans. Geus puguh deui Pulisi jeung Tentara mah teu kaur mingé. Malah aya nu bobolokot getih balas mangkuan nu taratu.
Tambah ketir nyeueung nu kitu mah, asa nyeueung pilem lalakon perang. Béh dieuna asa jaman répolusi baréto.
“Asa reugreug nyeueung alat nagara kitu mah, nya euy!”
“Ari urang can kabagéan gawé. Taya pisan gadag, semet lalajo nu pabuis ….”
“Urang onaman ….”
“Onaman kumaha …? Da kawajiban saréréa nulungan nu cilaka mah …. Tugas kamanusaan, deuleu!”
“Mana atuh tulunganeunana? Ma enya nu cilaka kudu kokotéténgan néangan nu rék nulungan! Kudu urang nu nyampeurkeun!”
“Yu atuh urang ngider …. Lebar tanaga baso teu kamangpaatkeun!
Jol jajaka tiluan, tingtarempo nyidik-nyidik nu tinggarimbung kawas aya nu ditéangan.
“Néangan saha, Ton?”
“Agus …. Aya di dinya?”
“Tadi mah aya …. Ngaléos deui.”
“Ka mana?”
“Nyao … ka imahna sugan …. Aya naon kitu?
Nu ditanya teu némbal. Gura-giru indit jeung baturna muru ka imah Agus. Nu ditinggalkeun panasaran, bring naluturkeun, bisi aya tulunganeunana, bubuhan keur usumna.
“Tuh geuning sigana,” cék saurang bari nunjuk ka nu diuk di émpér imahna.
“Keur naon, euy, Gus?”
“Teu nanaon …. Ngareureuh tas ngider …. Taya nanaon di ditu?”
“Nyéta puguh rék ngabéjaan!”
“Ngabéjaan naon?” cék Agus ngoréjat.
“Si Enéng, kabogoh di dinya, kamusibatan!”
“Kapapaténan boa,” cék nu séjén, “da midangdam baé.”
“Saha nu cilaka téh …? Si Enéng …?” cék Agus teu sabar.
“Si Enéng mah nu midangdamna! Nu cilakana mah bapana boa …. Atawa … indungna sugan ….”
“Keun waé modar gé bapana mah …! Indungna kajeun …, cua, siga nu sarebeleun pisan …. Pédah déwék batan sakieu, ngaligeuh can boga gawé …. Sieuneun anakna dibawa kokoro meureun minantuan ka déwék mah!” cénah bangun nu sebel kabina-bina.
“Tah kabeneran, euy, ari kitu mah!” cék Enton.
“Naha?”
“Ayeuna waktuna nu mustari keur némbongkeun jasa …. Nyeueung silaing tohtohan mah piraku sugan haténa teu lilir …. Malik asih pasti …. Jadi minantu kadeuheus engké silaing, Gus!”
“Heueuh geura …. Minantu idéal cék basa ayeuna mah,” cék nu séjén mairan.
Ngahuleng waé Agus téh kawas keur mikir.
“Tong disapirakeun, euy, kasempetan alus kacida …. Mangpaatkeun, meungpeung aya pitulung lini!”
“Na enya kitu, euy?” cék Agus asa-asa, “sebel ku gedé-huluna gé déwék téh! Angot bebengok bapana mah, mani kawas neuleu anjing budug ari déwék ngulampreng hareupeun imahna téh!”
“Heueuh ayeuna waktuna cekéng gé bangsa raja nu minantuan ka anak si itu si éta, ari geus bukti mah kapahlawananana …. Lah … éta sirine ambulans aya ku matak ketir ….”
“Kudu kumaha atuh déwék ayeuna …?” cék Agus bangun bingung.
“Néang ambulans …, rawu ku silaing bapana atawa indungna nu cilaka, bawa ka rumah sakit …. Kerong tah irung déwék mun itu teu malik asih ka silaing.”
“Kana naon atuh ka dituna …? Leumpang waé nya …?”
“Nelepon waé atuh ti … ti Kantor Penerangan nu deukeut!”
“Heueuh …. Yu atuh anteur!”
Bring waéh.
“Asa rék gedé mangpaatna nya euy lini téh keur Si Agus mah!”
“Hih tuda sagala ogé sugri Kersaning Pangéran mah taya nu teu mangpaat …. Kari bisa waé napakuranana …. Nu puguh waé geura, tukang kayu tukang tembok baris maréma, réa imah oméaneun.”
“Urang gé mun ditampik ku pimitohaeun mending ngondang sakadang lini, neda kamandangna.”
“Yéh, ngabarabékeun sajajagat siah!”
Srog ka Kantor Penerangan.
“Hallo …! Nyuhunkeun … eu … ambulans …. Hallo … ieu ti Kantor Penerangan …. Nyuhunkeun dikintun ambulans …. Muhun … nyuhunkeun énggal … répot …! Di … di Jalan Hanjuang No. 7 …. Muhun … énggal diantos!”
“Kumaha cénah?” cénah baturna.
“Sakeudeung deui cénah, keur nurunkeun heula korban ti Bolénglang …. Yu waé ka ditu, urang dagoan hareupeun imahna!”
Bring ka Jalan Hanjuang. Hareupeun imahna kadéngé kénéh nu midangdam téh. Tétéla Si Enéng, da wawuh kana sorana. Gék dariuk dina téras, capé tas leuleumpangan waé.
Héang sirine …. Gura-giru dipapagkeun ka jalan. Reg eureun hareupeun lawang buruan.
“Mana …?” cék supir ambulans.
“Ké antos!” cék Agus bari muru panto hareup.
Trok-trok-trok …. Ngadagoan sakeudeung …, trok-trok-trok deui beuki tarik.
Bray panto tengah muka, bréh bapana Si Enéng, bray deui panto hareup. “Aya naon?” cénah bangun reuwas.
“Itu … eu … abdi ngabantun ambulans ….”
“Ambulans …? Keur naon?” cék pribumi kereng sanggeus apal kana beungeut sémah.
“Sanés aya nu cilaka?”
“Hah …!?”
“Badé dibantun ka rumah sakit.”
“Cék saha aya nu cilaka?”
“Kakuping … eu … Enéng nangis.”
Gebrug panto ditutupkeun hareupeun irung Agus, ceklék dikonci. Tinggal Agus ngajanteng samar polah. Ngalieuk ka babaturanana geus areuweuh, naringgalkeun. Kari supir ambulans kawas nu teu sabar, ngalangeu naleukeum kana panto mobil.
Torojol Si Encum, réncang di dinya, ti gigireun imah.
“Ku naon Enéng téh?” cék Agus bari nyampeurkeun.
“Sumilangeun …. Biasa Enéng mah ari badé kareseban téh sok siga ripuh pisan.”
Agus ngarahuh. Léos waéh muru pager gigir, jleng luncat.
“Héy … héy …! Rék ka mana …? Mana nu cilaka téh?” cék supir ambulans.
Ngabéngbéos waé calon minantu kadeuheus téh, teu ngalieuk-lieuk acan.